Idul Fitri téh waktuna urang nitenan hasil tina ibadah salila bulan Ramadan 🌙✨
Sabulan urang ngalakonan puasa, shalat, sedekah, jeung rupa-rupa amal kahadean. Ayeuna waktuna muhasabah—naha ibadah urang geus ninggalkeun tapak dina diri, atawa ngan ukur jadi rutinitas anu kaliwat?
Lamun Ramadan geus ngajadikeun urang leuwih sabar, leuwih ikhlas, jeung leuwih deukeut ka Gusti—éta tandana ibadah urang aya hasilna. Tapi lamun teu aya parobahan, ieu jadi pangeling-ngeling pikeun urang sadayana.
Mugia dina poé fitri ieu, urang tiasa terus ngajaga hasil ibadah, ningkatkeun iman, jeung istiqomah dina kahadean.
📖 Simak khutbah Idul Fitri Basa Sunda ngeunaan nitenan hasil ibadah di bulan Ramadan
⬇️ Download lengkepna dina link di handap ieu!
DOWNLOAD TEXT LENGKAP KHUTBAH IDUL FITRI
#IdulFitri #KhutbahSunda #Muhasabah #HasilIbadah #Ramadan #Lebaran #Istiqomah
0 comments:
Post a Comment